Pakakas / Pakarang Urang Sunda
1. Aseuk : Pakakas paranti ngaseuk dijieuna tina
kai buleud panjang, mencos tungtungna.
2. Arit : Pakarang samodel parang tapi leuwih
leutik tur ngeluk tungtungna, sok dipake ngala jukut.
3. Badi : Pakarang sarupa peso nu gagangna
bengkok.
4. Bajra : Pakarang baheula sarupa gada.
5. Balincong : Pakakas paranti nugar,
seuseukeutan, sabeulah lancip kawas linggis, sabeulah deui potongan rimbas.
6. Baliung
: Pakakas tukang kai nu bias digelar-gilir jadi patik atawa jadi rimbas.
7. Bandring
: Katepel, paranti maledog-maledogkeun batu, sok dipake ngala manuk.
8. Bedog
: Pakarang paranti ngadek.
9. Burang
: Tataheunan, awi meunang nyeukeutan tungtungna sabelah, ditancebkeun dinaa
liliwetan sato (nu keur diboro), bari diririmbunan ku dangdanunan ngarah ulah
katara, supaya nu ditaheunan katubles.
10.
Congkrang : Bedog panjang nu
ngeluk congona paranti ngala suluh atawa nyacar.
11.
Dekol : Pakakas nu beunang
dipake ngadek saperti kampak turbisa dipake nakol saperti palu (upama
dibalikkeun).
12.
Etem : Sabangsa peso paranti
dibuat; ngala pare saranggeuy-saranggeuy.
13.
Gacok : Pakakas saperti
garpuh, make doran saperti pacul.
14.
Gada : Paneunggeul tina
beusi, pakakas perng baheula.
15.
Gaet : Kakait beusi nu make
gagang panjang kawas gantar.
16.
Garpu : pakakas paranti
nyungkal atawa ngagemburkeun taneuh.
17.
Gegendir : Paneunggeul nu
beurat, dijieun tina kai atawa beusi.
18.
Gobang : Pakarang siga bedog
tapi panjang .
19.
Gobed : Pakarang siga bedog
ttapi panjang.
20.
Jamparing : Panah, nu sok
dilepas make gondewa.
21.
Jara : Paka beusi nu
tungtungna lancip, paranti ngaliangan kai atawa awi (samemehna sok dibeuleum
heula tepi ka hurung).
22.
Kampak : Pakakas tukang kai,
banguna siga huntu gede digagangan, paranti nuar atawa meulah kai.
23.
Keris : Pakarang paranti
nubles, sok dialus-alus, dipake sosorenan dina upacara-upacara, salasahiji
parabot perang baheula.
24.
Kihkir : Pakakas paranti
ngasah ragaji.
25.
Kored : Pakakas tani pikeun
miceunan jujukutan (biasana bari ngoyos)
Created By: Illa TahiraA
Tidak ada komentar:
Posting Komentar